Cerpen Mago: "Kembang Katresna"



Kembang Katresna
oleh: Ricca Nanda


              Teu aya deui nu éndah iwal ti rasa katresna, dua kali rasa éta datang teu dihaja, kalangkang kayas katémbong ti belah kulon ka wétan nyurup éndah ka sagara. Hiji poé jadi katiu kalian éta rasa némbongan deui, sieun ku nyerina tapi hanyang ku kanyaahna. Teu salah anjeuna seri imut ka kuring, teu salah anjeuna kacida ku lucu, teu ! teu aya nu salah. Baheula keur manéhna jongjon nyorangan manéhna datang unggal waktu bari mawa kaéndahan nu sampurna. Hiji poé nu éndah kuring diuk di hareupeun rohangan nu jadi tempat kuring diajar di sakola unggal poé.
“euleuh nuju naon éta meuni bangun nu lesu ?”. manéhna diuk di gihireun kuring, reuwas asana mah tapi bungah oge aya datang.
“eh kang Dudu”. Bari aga eugeu
“kunaon atuh nyalira waé ?, cing urang nyandak hitarnya”. Manéhna lumpat ka kelasna
Ngan rasa bungah nu aya dina jero dada katénjo manéhna leupang saténgah lumpat bari riba ku hitarna, tuluy balik deui diuk di gigireun kuring.
“cing, sok geura ngahaleuang !”
“girimisnya !”
Manéhna tuluy mere surupan na hitarna
Girimis, mantaskeun béntang
peuting neundeun panineungan
Bulan, muru katangtuan
Balebat nganteurkeun caang
....
“entosnya !”
“har naha ? karék gé bieu !”
“atos wéh salagu”
Kadéngen sora locéng nu nandakeun waktu istirahat geus réngsé.
“tos nya, tos locéng, rék lebet heula ka kelas”. Bari ngaleos mangkat
Nya ku kitu éta rasa mingkin ratug na jajantung teu asa hideung nu hideung, teu asa beureum kabéh nu beureum, ngan bodas cékas ngalangkang nu ngaliwat, éndah pisan saenyana mah.
Poé asa ku panas pisan, béda to poé-poé katukang. Panon poé asa luhureun sirah pisan. Locéng tanda istirahat geus disada deui, kuring diuk di tempat anu biasana ku kuring jeung manéhna diuk mun keur istirahat. Salila-lila kuring nungguan manéhna jol lain jol lain, “naha manéhna teu témbongnya ?” gerentes na haté. Bari cicing kuring mikiran manéhna ni biasana témbong tapi ayeuna henteu. Nepi ka locéng disada deui manéhna angger teu témbong. Kuring asup ka kelas bari ku teu ngeunah haté.
Ka opat poé nakuring teu ningali manéhna di sakola. Asa ku melang karasana haté, hayang nanya tapi nanya ka saha, hayang ngamprokkan ka imahna, tapi manéhna lain-lainna kuring. Atuh ratug jajantung unggal waktu. Wanci haneut moyan, basa kuring keur nyorangan di musola sakola kadéngen aya nu ngageroan,
“ta ! rita !” éndah rada tarik sorana
“kah, aya naon dah ?” bari ngusap beungeut kuring kaluar geuwat
“ké,ké,ké aya naon ih mani riweuh kitu !”
“ah, hayu wéh geuwat !”
                Saténgah lumpat kuring bari ditungtun ku Éndah babaturan sakelas kuring nu diuk ditukangeun kuring. Katingali ti kajauhan da kelas téh simpé, teu nyaho aya naon, teu nyaho rék dikumahakeun, euweuh pisan nu ngaliwat dipikiran kuring harita. Nepi di hareupeun panto kelas reg kuring eureun. Bungah kacida kuring harita, manegna nangtung ku gagahna hareupeun kuring mawa bubungkusan nu dibungkus ku kertas kayas, dibeungkeut ku pita bungur, dicekel ku leungeun kencana, leungeun katuhuna disumputkeun di tukangeunnana.
“wilujeng tepang taunnya Ta, mugia sing dijantenkeun jalmi anu langkung soleh, langsung suksés, langkung sadaya-daya wéh nya anu sararae”. Bari imut manéhna ngaluarkeun sagagang kembang ros ti tukangeunnana ku leungeun katuhu manéhna.
“muhun, hatur nuhun Du”. Bari rada tungkul ku éra.
                Barudak babaturan saklas kuring sarusuitan di tukangeun manéhna, manéhna ngan ukur seuri imut sakali-kali ngusap ci kesang nu kaluar tina kulit rarayna. Teu lila manéhna tuluy nungtun kuring ngajak ka pangdiukkan tempat kuring jeung manéhna diuk duaan. Kuring diuk miheelaan manéhna geus nyampak hitar hideung nu nyarande kana tihang, teu lila manéhna diuk gigireun kuring, pok manéhna nyarita.
“ Ta, teu karaosnya umur téh meuni sajorelat asa kakara gé kamari urang sakola di SD téh. Ayeuna geus kelas 3 SMA. Wilujeng tepang taun ya taya mugia sadaya cita-cita Tita sareng pidu’ana diijabah ku Allah nya Ta.” Manéhna imut bari rada tungkul.”
“muhun, hatur nuhunnya Du, aduh kedah kumaha jeung kudu ku naonnya kuring males sadayana, Rita mah da teu gaduh daya upaya.” Kuring nurutan tungkul.
 “ah teu kedah, ta wios teu Dudu nyarios ?”
“apan ieu gé nuju nyarios, ari Dudu biasana gé tara ijin heula pami nyarios téh, sok atuh mangga.”
“ta saleresna mah ieu rasa téh tos lami aya nyarengan Dudu, mung Dudu teu wantun nyarios ka Rita, Dudu mah teu miharep nanaon Ta, Dudu mah mung hoyong térang wungkul kumaha ari Rita sami teu jeung Dudu, Dudu mah teu wantun ari kedah kaleuleuwihi mah, bisi dosa.” Teuteupna anteb parat kana jajantung.
“Rita teu acan teu acan tiasa ngawaler Du, engkin pami Rita parantos panceg, Rita nyarios ka Dudu”teuteupna mingkin anteb.
“muhun atuh, hatur nuhunnya parantos nyarengan Dudu salami ieu, hampura bilih Dudu seueur guyon, seueur dosa ka Rita, kadénya kuliah tea kedah leres-leres, kedah laksana janten dosén téh.” Bari nyekel leungeun kuring manéhna nyarita kitu téh, kakaraeun manéhna kitu.
“nya atos atuh hayu geura mulih, tos sonten.” Manéhna nganteurkeun kuring nepi ka kuring mukakeun panto imah.
                Saenyana mah kuring téh bungah, Dudu antukna nyarita kaayaan haténa, ngan kuring teu nyaho kudu ngajawab kumaha, kudu naon kecap anu mimiti dikaluarkeun, kuring nyaah ka manéhna, manéhna talga dina haté kuring.
                Haté mingkin ratug, peuting asa ku éndah, béntang ting kariceup némbongkeun katresna kasatiaanna ka peuting. Hiliwir nu asup ka jero kamar ti jandéla nu molongo teu nyaho peuting ieu asa éndah teu biasa. Clak girimis munggaran ngeclak maseuhan alam marcapada tempat kuring ngalakon nu geus 17 taunna. Gulinggasahan teu bisa saré sabab isukan kuring rék ngamprokan manéhna.
                Teu biasana poék kénéh kuring indit ka sakola, kadénge sora ngadurudun tukangeun kuring rék ngalieuk ngan sieun, rada digancangan wéh leumpang téh da sieun aya badot atawa nu jahat séjéna, reng kuring kuring cicing da motor nu tukangeun tadi eureun hareupeun kuring “asa wawuh éta jelema téh.” Gerentes haté. Tuluy manéhna ngalieuk ka kuring bari seuri/
“hayu naék !”
“ah isin”
“teu kedah isin atuh, hayu énggal bisi kasiangan”
Gék kuring cékla na motorna. Sapapanjang jalan manéhna maksa kuring ngajawab pananyana nu kamari, kuring can wani ngajawab, kuring ngan ngomong
“muhun engkin badé diwaler”
“iraha ? tos teu aya waktos deui, hayu atuh waler, karunya ka Dudu !”
“ih maksa teuing Dudu mah ! teu resep abdi mah teu resep !”
“muhun atuh, puntennya pami Dudu kaleuleuwihi ka Rita”
Kabéhna simpé, sajajalan euweuh nu ngomong sakecap-kecap acan.
“nuhunnya Du !” bari turun dina motorna Dudu
“muhun sami-sami, hapunten Dudu nya Ta”
“muhun !” geuwat manéhna markirkeun motorna.
                Kaduhung rasana kuring ngomong kitu ka manéhna teu puguh rarasaan, teu nyaho kudu kumaha, kuring ngan ukur cicing diuk di kelas nepi ka locéng balik sakola disada. Manéhna teu katingali ku kuring, boa-boa manéhna ngambek ka kuring, aduh kumaha atuhnya ? geuwat kuring nyampeurkeun ka kelas manéhna. Kuring nepi di kelasna culang-cileung da euweuh sasaha di kelasna, manéhna gé euweuh.
                Kuring leumpang ka luar sakola, ti ka jauhan katingali loba batur keur ngariung. Kuring nyampeurkeun ka anu keur ngarariung di téngah jalan. Reuwas kuring nénjo lalaki nu rarayna pinuh ku getih, motorna mecat jauh ti manéhna, diri kuring asa teu getihan, haté kuring beurat, murubuy cipanon kaluar na panon, kang Dudu, manéhna euweuh nyawaan dibawa ka imahna, dimandian, diboéhan, ditahlilan,kuring teu bisa kumaha, layona diasupkeun ka pasaran, digotong ku opat urang dulurna. Asa teu sangka, kaduhung diri karék karasa ayeuna. Gusti ! naja anjeun mawa Dudu teu kungsi pamit ka kami ! kuring ceurik ! kuring embung !.
                Dudu ayeuna tinggal panineungan, kaasihna, kanyaahna, katresnana geus sajati. Teu poho kuring mawa kembang tanjung nu ditiiran maké benang bodas, cékas kacirina, kembang katresna kuring ka anjeuna ku kuring diteundeun dina lebah sirahna deukeut padungna. Wilujeng kang Dudu, mugia Gusti Nu Maha Suci nyarengan anjeun dina kalanggengan.



                 

Tidak ada komentar

Posting Komentar

Beranda
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...