Anjeun
Kalangkang
oleh: Reni Fatwa Gumilar, Kelas 11 IPA 7 (@renigumilar)
Cahya
nu baranang mencrang
Ngalayang
di luhur gunung burangrang
Panon
poe nu mere caang
Mere
beja yen wanci geus beurang
Awak
ge sok hareudang
Malahan
sok nepi ka bayeungyang
Nepi
ka sok panas tarang
Atuuh
ngucur ci kesang
Ahhh
bae, asal hate we jadi herang
Anjeun…
Anu
ngan saukur kalangkang
Rada
tingali katukang!
Aya
kuring nangtung deukeut tihang
Ngantosan
anjeun, anu mere pangharepan
Ahhh,
kunaon wanci sok mere hariwang ?
Nembongkeun
kuring jeung anjeun anu anggang
Meureun
kereteg hate anu kurang
Duka
waktos anu mere kamelang?
Atawa
hate anu hese patepang?
Muhun,
anjeun…
Ngan
kalangkang
*gambar dari heudnsk.blogspot.com
*gambar dari heudnsk.blogspot.com